NERANGKEUN MARTABAT ALAM 7 (TUJUH)
Nganggo Ucapan Unggelna Kecap
- Alam AHDIAT Lapad AL )
- Alam WAHDAT Lapad LOH )= = ALLOH
- Alam WAHDIAT Lapad MU )
- Alam ARWAH Lapad HAM )
- Alam JASAM Lapad MAD )= = MUHAMMAD
- Alam MISAL Lapad A )
- Alam INSAN KAMIL Lapad DAM ) = = ADAM
Ayeuna martabat alam tujuh teh ku jisim kuring rek di terangkeun sarta make ibarat kalawan di buktikeun gambaranana supaya gampang di hartikeunana tafsirna atawa hadistna
1. Alam Ahdiat = Martabat Maha Suci
Dalilna kieu :
Dzat Laesa Kamislihi
"Dzat anu teu aya umpamana"
Dzat kumaha atuh anu matak teu meunang di umpamakeun teh?
Naha ku bakating hiji-hijina,upama bakating ku kawasana, dina jaman eta mah teu acan aya dadamelanana ngaran kawasa teh kudu bukti heula di damelna, kapan dina Alam Ahdiat mah sabab aya basa Agung teh Caangna por anu lima, upama bakating hiji-hijina da kapan teu aya anu lima, bakating ku hiji-hijina da kapan teu aya dua, jaman eta mah sabab hiji soteh sanggeus aya nu loba, kumaha atuh pihartieunana supaya eta Dzat Laesa Kamislihi jadi uni.
Kieu upama mupakat mah nu matak Alam Ahdiat di sebut ku Dalil :
Dzat Laesa Kamislihi
"Dzat anu teu aya tegesna ku bakating suci, xuci bersih teu aya sifat-sifatna acan, sumawona jenenganana mah rek di upamakeun jeung naon upama teu aya sifat-sifatna, sabab di saksian ku dalil anu Maha Suci teh"
Bila Haefin
"Teu warna teu rupa"
Bil Makanin
"Teu arah teu tempat"
Tah kitu kateranganana, anu matak anu Maha Suci teh teu beunang di upama-upamakeun, sumawona di enggon-enggon di tuduh di ditu di dieu sabab kaburuLIM kahalangan ku Bukti.
2. Alam Wahdat = Martabat Sifatna Maha Suci
Jadi Dalil dina Alam Dzat Laesa jadi Dzat sifatna caang padang nyaeta anu kasebut Johar Awal hartina Cahaya.
Awal hartina mimiti, jadi anu mimiti aya samemeh bumi jeung langit sarawuh eusina, sumawona manusa nyaeta Johar Awal heula anu di sebut Hakekatna Muhammad tea.
Dina Hadist Muhammad teh pang awal-awalna, sabab Johar Awal teh NUR atawaSajatining Syahadat karana Gulungan Dzat jeung sifat atawa Alloh-Muhammad dina Hakekatna.
3. Alam Wahdiat = Martabat Asmana Maha Suci
Kajadian tina Johar Awal Alam Wahdiat tadi, bijil deui sowaraana jadi cahaya 4 (opat) perkara.
- Nurun cahaya Beureum
- Warun cahaya Koneng
- Maun cahaya Bodas
- Turobun cahaya Hideung
Jadi caya 4 (opat) perkara teh di sebut Nur Muhammad tea, Muhammad na mah Johar Awal barang eta Nur Muhammad cahaya anu 4 (opat) perkara teh di sebut Hakekatna Adam nyaeta Asmana nu Maha Suci.
- Johar Awal hakekatna Lapad Tasjid
- Cahaya Beureum hakekatna Lapad Alip
- Cahaya Koneng hakekatna Lapad Lam Awal
- Cahaya Bodas hakekatna Lapad Lam Akhir
- Cahaya Hideung hakekatna Lapad He
Agama oge asalana ti dinya bae.
- Ayana Syahadat nyaeta ayana Johar Awal
- Ayana Sholat nyaeta ayana cahaya Beureum
- Ayana Zakat nyaeta ayana cahaya Koneng
- Ayana Puasa nyaeya ayana cahaya Bodas
- Ayana Munggah Haji nyaeta ayana cahaya Hideung
- Waktu Subuh bagean Nabi Adam
- Waktu Lohor bagean Nabi Ibrohim
- Waktu Ashar bagean Nabi Nuh
- Waktu Magrib bagean Nabi Isa
- Waktu Isa bagean Nabi Musa
- Nangtung
- Takbir Ratul Ihrom
- Ruku
- Sujud
- Lungguh
- Sahabat Abu Bakar
- Sahabat Umar
- Sahabat Utsman
- Sahabat Ali
- Nabi Muhammad
- Imam Syafei
- Imam Hambali
- Imam Hanafi
- Imam Maliki
- Baetulloh
4. Alam Arwah = Martabat Af'al Maha Suci
Nyaeta Af'alna Alloh Ta'ala ngajadikeun ieu Alam Dunya, ceuk elmu Alloh mah ngadamel teh ibarat Bioskop, Alam Wahdiat nyaeta Johar Awal teh ibarat Lisrtikna, ari Nur Muhammad teh Alam Wahdiat ibarat kaca.
- Nurun ibarat kaca Beureum
- Hawun ibarat kaca Koneng
- Maun ibarat kaca Bodas
- Turobun ibarat kaca Hideung
Barang kaca anu 4 (opat) perkara di rarat ku Johar Awal bijil kalangkang :
- Tina kaca Beureum jadi Seuneu alam dunya
- Tina kaca Koneng jadi Angin alam dunya
- Tina kaca Bodas jadi Cai alam dunya
- Tina kaca Hideung jadi Bumi alam dunya
Ku kawasana Alloh Ta'ala bleg bae jadi ieu Alam dunya nyaeta Jagat Kabir, jadi sategesna Dunya teh kajadian tina Nur Muhammad.
5. Alam Jasam = Martabat Manusa
Sanggeus ngadegna ieu alam dunya Gusti nu Maha Suci neraskeun midamel Adam Majaji, terus miwarang Malaikat turun ka alam dunya kudu nyokot aci-acina anu 4 (opat) rupa, terus dia damel :
- Acina Seuneu ngajadi Getih Adam
- Acina Angin ngajadi Sumsum Adam
- Acina Cai ngajadi Urat Balung Adam
- Acina Bumi ngajadi Kulit bulu Adam
- Cahaya Johar Awal hakekatna Huruf lapad Tasjid
- Cahaya Beureum hakekatna Huruf lapad Mim Awal
- Cahaya Koneng hakekatna Huruf lapad He
- Cahaya Bodas hakekatna Huruf lapad Mim Akhir
- Cahaya Hideung hakekatna Huruf lapad Dal
Sategesna Hakekat lapad Muhammad teh :
- Mim Awal Tegesna Sirah
- He Tegesna Dada
- Mim Akhir Tegesna Udel
- Dal Tegesna Suku
Samangsa-mangsa geus teu aya cahaya si jagat atawa jagat kabir (dunya) pangkuatna teh di Anglipuh ku sorotna Nur Muhammad.
Jadi moal salah deui engke oge dina Kiamat ieu jagat kabir saperti manusa (jagat sogir) di candak deui cahaya, panon poe, bulan, bentang, tangtu bae ieu alam dunya ruksak, atuh tina Bumi tinggal poekna, Seuneu tinggal panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana...... Saha nu bakal nyicingan eta Naraka?
Teu aya deuin nu bakal nycingan teh nyaeta Idajil La'natulloh tea sakanca-kanca, sakur nyawana anu teu bisa balik deui ka Alloh Ta'ala, sabab tadi di dinya beunang di goda ku syetan lantaran teu Iman ka Alloh Ta'ala ka Rosululloh. Karana Idajil La'natulloh teh tadina mah Malaikat kakasih Alloh pangna di bendon ku Alloh teh lantaran samemeh aya Adam di piwaraang ngeusian Alam Dunya.
Tapi di janjian lilana di alam dunya ngan 1000 taun, ku sabab kitu malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya teu hayang balik deui ka Sawarga nepi ka 3000 taun, tah tidinya mimiti di bendona ku Alloh Ta'ala jaadi geus teu meunang balik deui ka Sawarga kudu tetep di alam dunya bae, ta[pi engke bakal di tetepkeun di dasar Naraka sanggeus kiamat ieu alam dunya bedegongna Idajil sanggup bae, tapi nyuhunkeun widi rek ngagoda ka anak putu Adam pikeun pibatureun manehna di Naraka tea.