Selasa, 06 Oktober 2015

Menerangkan Pasal Al Quran Dalam Bahasa SUNDA

NERANGKEUN PASAL QUR'AN

Qur'an 4 perkara di surahkeun ku hiji ajengan kieu :

  1. Qur'anul Majid   : Nyaeta Qur'an anu aya hirupna sok di araji ku kaum Islam di alam dunya.
  2. Qur'anul Karim  : Nyaeta Qur'an anu maca bukti nyaeta eta keneh bae Qur'an anu aya atulisanana karana eta anu di mulyakeun ku kaum Islam saalam dunya.
  3. Qur'anul Hakim  : Nyaeta Qur'an anu Agung di sebut barang-barangna eta keneh bae anu di aragungkeun ku umat Islam saalam dunya.
  4. Qur'anul Adhim  : Nyaeta Qur'an nu Suci jeung langgeng, di tuduh eta keneh bae buktina Qur'an nu aya tulisanana, kakara eta nu suci jeung langgeng, hukumanana ti dunya dugi ka akherat. Tah kitu Qur'an anu 4 perkara teh.
4 (opat) di surahkeun ku ahli Sara di barengan bae kajeun aya 4 barangna mah eta keneh bae, jadi ani matak tulisan teh di anggap tapekong karana sidik Qur'an eta mah beunang nulis manusa, naha di sebut Qur'an eta anu agung, kapan sidik eta mah tulisan keuna ku ruksak, jadi lamun Islam boga patekadan kitu atuh teu bedaa jeung elmu cina, sesembahanana migusti kana barang anu anyar, turug-turug anu nyieuna anu anyar, kusabab kitu dulur-dulur kaum Islam ulah kaliru.

Kieu ayeuna urang terangkeun ku jisim kuring eta masalah Qur'an anu 4 teh.

  1. Qur'anul Majid   : Eta mah cocok barangna nyaeta Qur'aan anu bukti aya hirupna, anu umum sok di baraca ku kaum Islam.
  2. Qur'anul Karim  : Eta Qur'an anu maca, sategesna nu ngaran Qur'an teh nyaeta panangan ramo, karana apan sidik jelma eta aksara teh tina leungeun jeung ramona, anu mimiti ngadamel eta Qur'an, cik saha anu mimiti nganyahokeun Qur'an?..... Piraku teu kaharti anu maca teh?
  3. Qur'anul Hakim  : Eta Qur'an anu agung nyaeta buktina teh paninggal, sabab panangan ramo moal tiasa nulis umpama teu aya paninggal, jadi sategesna anu agung teh nyaeta paninggalna anu mimiti nganyahokeun Qur'an.
  4. Qur'anul Adhim  : Eta Qur'an anu suci jeung langgeng nyaeta buktina hirup, sabab panangan ramo jeung paninggal moal bisa ngajadikeun umpama teu hirup, jadi sategesna anu suci jeung langgeng teh hirup ani mimiti ngaaanyahokeun Qur'an.
Kusabab kitu urang ngaji teh lamun uraang hayang kana Sucina, lamun hayang nepi kana Sampurna eta Qur'an anu 4 perkara teh kudu di aji kabeh, mimiti urang daek maca Qur'anul Majid teh Qur'an Majaji, hirupna eta bagean Elmu Sareat, saenggeus di baca kudu terus di aji nyaeta kudu di hartikeun pimaksudeunana, saenggeus karasa sabab eta Qur'anul Majid teh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Alloh ka Rosululloh jalana teu aya deui lian Tarekat nyaeta Qur'anul karim, kudu ngaji ngagawean leungeun ramo anu sakira abakal nepi ka Alloh ka Rosululloh.
Karana Gusti Alloh ngayakeun leungeun jeung ramo di manusa teh lain kudu di pake ngajadikeun barang dunya hungkul anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu jeung di pake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Alloh ka Rosululloh supaya leungeun ramo jadi dunya.
Karana aya Dalil kieu :
Asobiahum Fiadanihim Minashowaiki Hadarol Maot Wallohu Muhitum Bil Kafirin
"Lamun leungeun jeung ramo teu di pake jalan maot, tetep leungeun jeung ramo maneh martabat kalawan kafir tetep bakal ka naraka"

Tina Qur'anul Karim kudu naek kana Qur'anul Hakim, bagean Hakekatna nyata kudu ngaji pagawean paninggal urang anu sakira bakal yakin teges sidik kana barang langgeng.
Langgeng teh nyaeta awas kana Hakekatna Alloh jeung Muhammad, karana Gusti Alloh ngayakeun paninggal ka manusa teh lain bae kudu di pake ngawaskeun kana Hakekatna Alloh jeung Rosululloh, nyaeta anu kasebut Qur'anul Adhim tea, atawa sifatna Hirup bibit 7 (tujuh) lapis Bumi, bibit 7 (tujuh) lapis Langit sarawuh eusina.
Ngaran Ma'rifat ka Alloh jeung ka Rosululloh anu nyaho kalawan yakin kana Hakekatna Alloh jeung Rosululloh.
Dina Dalil kieu :
Ru'yatullohi Ta'ala Fidunya Biafik Qolbi
"Ninggali Hakekatna Alloh Ta'ala di dunyaa awas ati, tegesna Hakekatna Rosululloh."

Sabab sifatna jalma mah ngan ukur di pake tempat keur ninggali Rosululloh ka Alloh Ta'ala, samangsa-mangsa wujud urang geus di pake tempat ninggali ka Alloh Ta'ala ka Rosululloh tangtu Ramo urang bisa nyaritakeun jeung ngaku nyaho ka Alloh Ta'ala, lantaran geus di bejaan/ di pasihan terang ka Rosululloh ti dunya nepi ka akherat, moal sulaya ngarasa pisahna jeung Rosululloh lantaran wujud teh beurang jeung peuting jeung nu Suci, Insya Alloh tekad jeung lampah lila-lila kabawa Suci, Syetan moal daekeun ngadeukeutan jeung moal ngagoda.
Tapi kitu slteh anu Ma'rifat kalawan Tauhidna, upama Ma'rifat teu kalawan Tauhidna mah sulaya bae, sanajan geus boga Tarekatna, tegesna sieun ngarasa isin jongjon bae tekad jeung laku lampah sakama-kama, jadi nu kitu Ma'rifatna Mikung, tangtu di dunya moal meunang safaat ti Rosululloh di dunya moal leupas tina kasusahna kabendon.
Kumaha ari anu Suci teh, lir ibarat lampu di kurung ku semprong ani kotor, geus tangtu kaluarna oge moal bengras, sabalikna upama semprongna beresih tangtu bakal caang ngagebray kalawan bengras saba kitu urang kudu Suci, pasuci-suci eusina, suci cangkangna, karana dunya moal leupas tina kanikmatan di Akherat pon nya kitu deui, kusabab eta poma dulur-dulur anu geus boga jalan Ma'rifat jeung tekad laku anu goreng teh kudu di jaga bener-bener ulah dapon nyaho bae, tapi kudu di barengan ku laku jeung tekad anu hade.
Sabab lamu urang ngalakonan pagawean anu Maksiat ngalanggar hukum tangtu urang gancang di benduanana ku Alloh Ta'ala anu linglung beurat hukumanana lantaran geus nyaho, beda deui jeung anu teu nyaho, saperti di dunya oge upama urang kampung maling hayam hukumanana ngan saminggu, coba upaama lurah nu malingna tangtu dua tikel hukumanana leuwih beurat ti urang kampung sabab geus nyaho artikelna, komo nyaho ka Alloh Ta'ala mah sing inget perjanjian Guru murid-murid ibadah babarengan, doraka pipisahan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar