NERANGKEUN RUKUN IMAN ANU 6 (GENEP)
Walwodari Khoirihi Wasarihi Minallohi Ta'ala
"Ulung ala ulung balik papasten ti Alloh Ta'ala (hade goreng ti Alloh Ta'ala)"
Lebah dieu urang percaya teh ulah kaliru kudu pikir di lenyepan karana Gusti Allah Ta'ala Sifat Maha Suci, piraku nu Maha Suci make bakal nyiksa, bakal ngaganjar engke di Akherat, jadi kitu mah Gusti Alloh teh ngadamel manuda teh pedah kersa rek ngaganjar jeung nyiska, lamun kitu mah moal alus Sucina Allaoh Ta'ala teh.
Tapi urang sawarga maraksa atawa ngeunah teu ngeunah engke di akherat karana ayeuna di dunya kembangna geus karasa ayeuna ngeunah jeung teu ngeunah teh, tapi eta sawarga, naraka teh lain ti Alloh Ta'ala sategesna : Tina ucap tekad, jeung pamolah urang keur waktu di dunya.
Sabab tadi oge Alloh ngadamel manusa teh sakali jadi henteu nungtut, tapi geus KUN FAYAKUN breg sama sekali, teu aya kakurangana tapi maparin cukup nyaeta maparin parabot nyaeta anggota badan : suku, panon, ceuli, irung, baham jeung sajabana.
Jeung nafsu anu 4 perkara : Amarah, Loamah, Sawiah jeung Mutmainah.
Dauhan Alloh kieu :
"Maneh hayang ka Naraka tegesna kanu teu ngenah gera pigawe kalakuan goreng kapan geus sadia parabot ti Aing nafsu Amarah, Loamah, Sawiah"
Kitu deui
"Maneh hayang ka Sawarga atawa anu ngeunah pek gera pigawe kana kalakuan hade kapan geus sadia parabot ti Aing nafsu Mutmainah".
Tah kitu sategesna mah pang aya Sawarga jeung Naraka di dunya, sumawona di akherat oge beunang tekad pamolah urang keur di dunya, kitu deui beubeunangana oge moal keur batur, tetep keur urang sorangan ti dunya nepi ka akherat.
Jadi ku sabab eta ayeuna urang sararea mangka ati-ati enggoning ngajalankeun parabot ti Alloh Ta'ala teh kudu beubeunangan tina pagawean urang, engke di akherat bakal di tetepkeun sabogana-sabogana, sabeunangna pagawean di alam dunya moal pahili deui :
Walatujauna Illa Makuntum Ta'malun
"Moal aya pangbalesan ka maraneh, anging sakumaha pagawean maraneh"
Kumaha atuh akal supaya urang bisa ngalobaan Mutmainah, teu aya nyaeta lian ti urang kudu nyalindung ka Alloh jeung ka Rosululloh, tiap-tiap geus ngarasa teu pisah hade ibadahna kalawan sah tangtu salamet di dunya somawona di akherat.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar