KAWAJIBAN DIRI MILARI KASAMPURNAAN PIKEUN NYAMPURNAKEUN BADAN SAKUJUR
- MAMAPAG TAUN NGAJAJAP BULAN NGINGET-NGINGET DATANGNA POE TUR NAPAKURAN MENIT, NGASUH DETIK NU NEMPEL DINA BAYU ANU DI ASUH KU SANG RATU
Kaula kalawan gusti nepungan ka arandika nu aya di tatar pasundan, kaula rek mere bewara kajalma anu ngarti kana diri jeng asalna diri. tur maranehana sok ngasuh kalimah anu dua, moal manggihan kaula kajalma anu teu mapayken asal kokotjoranana. ti mimitina ieu alam di cinta kunu maha widi Dzat Waja Ajala nu maha murbeng Alam anu mayungan siang kalawan wengi. kaula ges aya diharepeun arandika. Hai para jajaka geura narindak anjeun kajalma-jalma anu make kedok, anjeun ulah ngabohongan diri sorangan ! kiwari mun anjeun ges waktuna narindak. tapi nindak na ulah kukasar keun bakal dibantu ku kaula. kaula datng teu ngahaja tapi diutus ku sang rumuhun ti pajajaran yen kudu ngabejakeun naon-naon nu bakal kalakonan di hareup ieu. bakal aya bancang pakewuh anu datang na ti dapur, anu bakal parebut paham antara adina jeung lancekna, anu ngabalukarkeun jadi mumusuhan antara adi jeung lancek, ari anu dipaseakeun ngan paesan kosok anu can puguh, marebutkeun dalung tanpa eusi, marebutkeun paesankosong, anu diparebutkeuna Dagangan Elmu Akidah. anu dipake dalih nyaete hadist jeung Qur'an. bari teu nyaho Jatina Qur'an, naon atuh ari Jatina Qur'an?? jeung naon ari hartina Qur'an Diri, hamo kumararanehana moal kapanggih sabab mararanehana teu percaya ka karuhuna sorangan atawa Ranggeyanana sorangan, ari kakaruhun batur diaku di dama-dama masing kalah kumaha oge moal kapanggih aranjeun kakara ngalaksanakeun Iman mardud can nyatakeun kabeneran Rosululloh SAW, ari nurutan tingkah paripolahna henteu, sok arandika ari hayang di aku turunan kaula gera ngaraku ku jalan babakti jeung papada kaula. Kaula geus teu butuh nanaon, ngan kaula hayang di aku. Ari carana henteu hese.
Carana :
Dina mangsa bulan aleum koneng, peuting anu sepi jempling, hawar-hawar sora jangkrik jeung sora simeut anu di sarada pika lucueun mapesan sepi jemplingna peuting anu pinuh ku cahaya anu di barengan ku ratusan juta para cahaya, ari angin ngahudangkeun pepelakan anu ngajadikeun ciri wujud ayatna nu Maha Widi. Anu kudu di akraban ku manusa anu ngabogaan papakem, angin datang ti sababaraha penjuru arah, wetan kulon kidul jeung kaler sarta luhur jeung handap sakabehna nembus kana jajantung nu nusuk ka jero kalbu sumarambah ka jero bayah sarta ngancik dina ati sanubari, anu ngagurah kana tafakurna diri, nafakuran alam Sogir jeung alam Kabir anu aya di tatar sunda ieu, khususna nya umumna di saluruh muka bumi, anu pinuh ku papaes anu endah sarta mungguh jalma anu nafakuran.
Panggih keun babak salira. Wujudna asalna diri, supaya henteu samar manggih keun kalimah.
Pek panggihan dulur nu di kaler sanajan ka panggih ngan saukur gunung sarta lamping anu di papaesan ku nyurugna cai tuluy tanya, pasti jawabna panggihan wae dulur nu di wetan, tuluy indit deui ka belah wetan ngan saukur sang bayu anu ngahirupkeun sarta ngoyagkeun tangkal samoja nu nagatung di sisi paesan.
Sok gera tanya ku andika pasti jawabna tanyakeun wae ka dulur nu di kulon pek teh tunggul sarta di hias ku lukut anu hejo ngemplok ari jawabna tuh dulur anjeun anu di belah kidul nungguan, sok gera panggihan ku anjeun pasti anjeun manggihan gunung anu lenang, jawabna pek ku anjeun gera tarulisan ku ayat turASMANA nu Maha Widi nyaeta pepelakan, anu geus di Dauhkeun kunu Maha Widi tah engke pasti papanggih jeung Jatina Diri! Sarta papanggih jeung Jatina kalimah Syahadat!! Tah engke dina hiji waktu papanggih jeung kaula anu di sebutJAJARAN RATU ADIL.
CIRI DIRI BABAD BADAN
Gera kanyahokeun ku anjeun diri sakujur
Carana nganyahokeun diri sakujur nyaeta:
Urang kudu nyaring dina peuting, peuting nu sepi jempling ngan saukur sora jangkrik jeung sora simeut areuy cangkas anu ka kuping mapaes sepina peuting. Lain keueung ku kasieun, tapi hate nyawang nu rek kasorang jeung nyawang nu geus kasorang, karuhun anu berjuang ngarebut kamardekaan ngorbankeun jiwa jeung raga, pejuang anu baheula putih bersih, suci setra, sasmita bersih hate perlambang budi luhur merdeka geus kasorang, geus bebas ti penjajahan geus kalakon ku balarea, tapi merdeka tina belenggu can ka sorang jeung kalakon. Rek iraha, jeung kudu kumaha? Gemah ripah ngan saukur papaes, subur makmur ngan saukur catur. Lain teu subur lain teu makmur tapi lain subur jeung makmur lemahna atawa taneuhna, tapi suburkeun jeung makmurkeun jiwana, anu bisa ngawalatrakeun harta ka kaum jalata rakyat leutik ngajerit nu pinter kabalenger ulama teu bisa molahna lain sieun lain ringrang, tapi elmuna teu di tarima, sabab iman jalma geus limpas ku jaman, lain jaman anu eta tapi jaman anu ieu, lain jamanna tapi nu ngajamananana, lain pamingpin nu teu bijaksana tapi sawarehna aya anu sok nyieun codeka.
Tapi jaman geus ganti lalakon, bakal datang RATU ADIL datangna henteu kaciri janji aya dina hareupeun. RATU ADIL anu mana? Lain RATU anu itu tapi anu ieu. Nyaeta RATU ADIL anu ngancik dina diri sumerep di jero kalbu, sumarambah dina bayah, cicing anjleg dina kalbu. Naon atuh anu sabenerna RATU ADIL teh?
Ber ka kaler ber ka kidul, ber ka kaler ber ka wetan ber ka kulon, teu ka panggih jatina diri.
Ka saha atuh kuring nanyakeun! Jati Sahadat nanyakeun ka belah kidul tinggal tunggul, nu di kaler tinggal paesan, nu di kulon tinggal urutna, nu di wetan tinggal hanjuang.
Ngerab-ngerab katebak ku angin, suci setra sasmita bersih hate, perlambang budi luhung jadi ciri lambang pertiwi, nyaeta Merah jeung Putih.
Lain putih anu ieu lain beureum anu eta, tapi putih anu ngancik di jati masjid. Naon ari jatina masjid, sumarambah kana bayah nyulusup ka jero ati, nyatana ngan saukur murang kalih sakembaran, Pangeran Kilayt Kencana, asuheun sakabeh jalma. Pek gera teangan jatina kalimah sahadat nu kapanggih ngan saukur angin nu nembus kena salira, nyaeta raga badag, mana atuh jatina diri! Naon atuh anu kudu di asuh! Jeung kunaon jeung ku saha ngasuhna!
Bismillahirohmanirohim
Alhamdulillahirobbil alamiin washolatu wasalamu a'la sayyidinaa muhammadin wa'alaa alihii washobihi ajmaiin
Mimiti jisim kuring nulis ieu Kitab, ngalap barokah tina jenengan Alloh Ta'ala nu Maha Murah tur Maha Asih ti dunya dugi ka akherat, ka umat mu'min, ari rohmat Alloh Ta'ala kasalametan ka panutan urang Nabi Muhammad SAW oge ka para sahabatna.
MA'RIFAT KA ALLOH TA'ALA
"Ari ma'rifat ka Alloh Ta'ala teh wajib ka sakabeh jalma anu mimiti baleg, eta wajib teu meunang henteu ".
Sabab aya Dawuhan kanjeng Nabi Muhammad SAW
Awallud diini ma'rifatulloh
"Urang nyekel Agama teh kudu nyaho heula elmuna, supaya enggoning manusa ngalakona ibadah sah di tarima, sabab tadi oge amal teh kudu jeung elmuna, umpama teu kalawan elmuna batal tegesna"
Awallu wajibin a'laal insani huwa ma'rifatun illahi bitiqonii
"Mimitina wajib ka sakabeh manusa kudu nganyahokeun heula kana hal anu di ibadahan kalawan katerangan anu pertela"
Samangsa-mangsa teu nyaho, tangtu moal aya mangfaatna pikeun di akherat ngan ukur di dunya hungkul. Tapi dina soal elmu mangka kade kaliru, ari elmu eta kanyaho, lainkudu nyaho kana syarat syahna bae, tapi kudu nyaho kan sifat kagungan alloh jeung sifat rosulullohna. Sabab eta lir ibarat tempat atawa gudang keur piwadaheun amal ibadah urang sararea supaya ulah teu puguh sokna, ibarat lamun di dunya mah amal ibadah teh keur ngumpulkeun papaes imah saperti meja, korsi, lomari jeung sajabana.
Tah ma'rifat ka alloh teh ibarat ngabogaan imah anu pageuh anu gede, supaya barang-barang anu beunang hese cape teh tumaninah puguh tempatna, supaya betah di cicinganana, karan sanajan boga barang loba sarta aralus tur marahal hargana upama teu boga imah mah atawa tempatna rek di man barang di teudeuna, naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir atuh di cicingana oge piraku rek ngeunah, meureun kapanasan kahujanan keur mah teungeunah di cicingan katambah barangna oge tangtu babari ruksak, pasti moal tulus jadi kanikmatanana. Komo deui urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun ka akherat , atuh wajib ma'rifatna ka alloh ta'ala teh, sabab ma'rifatna kira-kira bisa datang engke kana asal tadi.
Kapan dina sakaratul maut oge enggeus moal aya tanyaeun deui jeung geus moal ngarasakeun kanyeri, sabab tadi oge umpama urng lolong teugesna teu nyaho ka alloh ta'ala jeung ka rosulullohna keur aya didunya, engke oge di akhirat tetep lolong bae. Samangsa-mangsa lolong tegesna poek diakhirat. Atuh bebenangan di dunya benang hese cape teh rek dibawa kamana. Kusabab teubisa tatang ka Alloh asal urng tadi. Palang siang babawaan teh bakal di bawa utrak-atrok, dibawa asup ka enggon jin, siluman.
Kusabab kitu urng meungpeung aya di dunya kudu ikhtiar ditiung samemeh hujan, kudu nganjang kapageto nyaeta kudu "paeh samemeh paeh" hartina lamun teu bisa paeh heula sajeroning hirup moal nyaho ka akherat teh, kapan dina dalil oge kieu :
Antal Maot Koblal maot
Jadi akherat teh kudu di kanyahokeun jeung kudu di anjangan ti ayeuna supaya engke ulah nyasab, paeh pulutat polotot, juba jebi, larak lirik neangan jalan.
JALAN MA'RIFAT KA ALLOH TA'ALA
Ma'rifat ka Alloh Ta'ala teh aya 2 jalan, nyaeta :
Aya Nu Ti Handap Ka Luhur
Nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab Qur'an jeung terus ngalakonan ibadah anu 5 perkara. Tah kitu teh ibadah keur jalan Ma'rifat ka Alloh Ta'ala, tapi hanjakal lolobana mah tara di tepikeun kana Ma'rifatna lantarankaburu batal, kaburu genah dina Asmana, tegesna geus ngarasa nikmat dina panunjukna (papan merk) padahal lamun di teruskeun Ma'rifat ka Dzat Sifatna Alloh Ta'ala piraku teu mendak kani'matana, gening kakarek dina Asmana oge geus sakitu ni'matna.
Aya Nu Ti Luhur Ka Handap
Nyaeta anu nyumpona dalil "Awallud diini ma'rifatullah ta'ala" Jalana lain tina masantren wungkul tapi jeung ngisat diri, nyaeta daek tirakat kalawan ikhtiar neangan pigurueun nyaeta guru anu MURSYID, sabab moal weruh tanpa guru. Ku sabab eta anu mana anu kudu di dudul ku urang, teu aya deui lian ti tarekat anu kudu di susul , sabab eta anu bakal tepi, Ma'rifat kana sifat Alloh Ta'ala anu di sebut Johar Awal nyaeta Hakekatna Muhammad,da piraku teu aya lelebaranana pikeu urang sararea, sabab tadi oge para wali pan sakitu pohara tatapana pikeun ngabela umat Rosululloh supaya bisa balik deui ka Alloh Ta'ala.
Ku sabab kitu hayu urang pada tareangan eta Hakekat Muhammad, sabab munteu buru-buru kapanggih tangtu urang moal bisa baralik deui ka sal tadi, bisi nyawa urang marakayangan, titis tumitis kana barang anu keuna ku ruksak hartina nyawa balik deui ka dunya teu nyumponan dalil :
Inna lillahi wainna ilaihi rojiun
"Asal ti Alloh balik deui ka Alloh"
Ku sabab kitu tangtu salarea oge pada bingung, tadi mimiti ti Alloh Ta'ala turuna kudu ka alam dunya, kudu balik deui ka Alloh Ta'ala. Ku sabab aya dalilna gancang ngaku bae, ngakuna teh samet biwir, kapaksa da sieun di sebut kafir atawa kufur. Ku ayeuna loba jalma percaya kana dalil tapi hatena tetep poek keukeuh teu kaharti, ku sabab kitu pribados seja nerangkeun sakedik malah mandar taisa percaya, jeung karasa urang asal ti Ajali.
Kieu Kateranganana
Urang mapay ti handap ka luhur supaya kaharti
Mimiti urang asal ti indung-bapa
Indung-bapa asal ti nini-aki
Nini-aki asal ti buyut
Buyut asal ti bao
Bao asal ti janggawareng
Janggawareng asal ti udeg-udeg
Udeg-udeg asal ti kakait siwur
Jadi kaharti keur saterusna nepi ka babu Hawa-Adam
Babu hawa asal tina iga burung Nabi Adam
Nabi Adam asal tina Aci Bumi, Aci Angin, Aci Cai, Aci Seuneu
Acina Bumi, Angin, Cai, Seuneu asal ti Nur Muhammad
Nur Muhammad asal tina Johar Awal
Nur Muhammad teh cahaya 4 perkara, nyaeta :
Cahaya Beureum Hakekatna Seuneu
Cahaya Koneng Hakekatna Angin
Cahaya Bodas Hakekatna Cai
Cahaya Hideung Hakekatna Bumi
Nur Muhammad ceuk Hadist asal tinu Maha Suci di sebut Johar Awal, Tah samet Johar Awal mah euweuh deui kaluhurna. Hartina "Buntu ku hadist jeung Qur'an di terangkeun Johar Awal teh bibit 7 lapis bumi, bibit 7 lapis langit sarawuh eusina kabeh.
Jadi anu kitu teh ceuk Dalil "Asal ti Alloh nyaeta ti Johar Awal, sifatna Caang Padang nyaeta Gulungan Dzat jeung Sifatna nu Maha Suci kakara ngajadi Asmana Alloh."
PENJELASAN ASMA ALLOH
Cahaya Beureum (seuneu) Hakekatna Lapad Alif
Cahaya Koneng (angin) Hakekatna Lapad Lam awal
Cahaya Bodas (cai) Hakekatna Lapad Lam akhir
Cahaya Hideung (bumi) Hakekatna Lapad He
Cahaya Johar awal Hakekatna Lapad Tasjid
Tah kitu katerangan teh, jadi cahaya anu kasebut teh "ASMANA DZAT LAESA KAMISHLIHI" atawa ASMA NU MAHA SUCI, ku Hadist jeung ahli padikiran mah di sebut LATIFAH. Tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya ka JOHAR AWAL.
Nu matak wajib di kanyanhokeun ayeuna, gera sarusul tarekatna anu bakal micen hijab atawa pipinding jadi moekan kana DZAT SIFATNA ALLOH TA'ALA, sing kapanggih HAKEKATNA TASJID MUHAMMAD tea anu aya dina diri urang/ wujud urang pribadi, tah eta konci MUHAMMAD anu aya dina wujud urang sorangan anu bakal ngubrak ngabrik Hijabna Alloh Ta'ala.
Umpama kapanggih Insya Alloh tangtu bisa ceuk babasaan MULIH KA JATI MULANG KA ASAL, ari anu mulih ka jati mulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asal deui nyaeta Rasana Jasmani anu keur di pake balik deui kana Rasa asal nyaeta Jasmani ngajadi asalna deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad tea, cahaya anu 4 Rupa deui nyaeta Beuruem, Koneng, Bodas, Hideung, samangsa-mangsa balik deui ka asal nyaeta sampurna tea hartina beak Rasa beak Nyawana.
MIMITI LAMUN REK NEANG PANGERAN
Kanjeng Nabi Muhammad ngadawuhkeun kieu :
Mantalbal Maolana Bilghoeri Nafsi Paqod Dolan Bi'da
"Sing saha Manusa anu neangan Pangeran kaluar tina dirina sorangan mangka satemena eta si jalma pasti kasasar, karna dina dirina ngarasa jauh jeung Alloh Ta'ala"
Dina Dalil di jelaskeun kieu :
Wanahnu Akrobu Ilaihi Min Hablil Warid
"Kami geus teua aya antarana jeung maraneh sakabeh. Lamun di ibaratkeun kana urat beuheung jeung beuheung anjeun pribadi masih keneh aya antara keneh tapi Kami jeung maneh ku geus euweuh antarana."
Di terangkeun ku Hadist kieu :
Walakod Akroma Bani Adam
"Kami geus ngamuliakeun ka anak putu Nabi Adam ti batan ka makhluk anu sejenna."
Nu matak mungeus nyaho kana dirina sorangan geus tangku engke bisa ngarasakeun kaahengan anu aya dina badan urang sorangan.
Di dawuhkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad kieu :
Man Arofa Nafsahu Paqod Arofa Robahu
"Sing saha jalma anu geus nyaho ka dirina sorangan geus tangtu nyaho ka Pangeranana"
Kumaha kajadianana sanggeus nyaho ka pangerana?
Di dawuhkeun ku kanjeng Nabi Muhammad kieu :
Man Arofa Nafsahu Paqod Arofa Jahiyan
"Sing saha manusa anu geus nyaho ka Pangerana tangtu dirina ngarasa bodo"
Lain bodo teu bisa maca atawa ngitung tapi eta si jalma sumerah pasrah ka Gustina jeung tara sirik pidik, tara ujub, ria, takabur jeung sajabana.
Anu matak ngaji teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak tapi kudu ngaji kitab anu langgeng anu aya dina diri urang sorangan.
Iqro Kitabaka Kafa Binafsika Alyaomal Ilaihi Hasiba
"Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng, nyaeta kitab langgeng nu aya dina diri sorangan / dina diri maneh."
Gera teangan Qudrot Irodat Alloh Ta'ala dina diri sorangan, kapan dina Hadist oge kieu :
Leuwih nyata Karasa Pangeran teh dina diri urang
Luewih nyata Elmuna Pangeran teh dina diri urang
Leuwih nyata Hirupna Pangeran teh dina diri urang
Leuwih nyata Tinggalna Pangeran teh dina diri urang
Leuwih nyata Danguna Pangeran teh dina diri urang
Leuwih nyata Pangandikana Pangeran teh dina diri urang
Leuwih nyata Kakawasaana Pangeran teh dina diri urang
Di tangtukeun ku Dalil Qur'an kieu :
Wahuwa Ma'akum Ainama Kuntum
"Alloh Ta'ala teh salila ngabarengan ka sakabeh maraneh dimana bae maraneh aya, kami aya di dinya jeung dimana bae maneh inget ka kami, kami aya di dinya / di maneh."
Ulah salah harti sategesna, ngaran di barengan ku Alloh Ta'ala lain pa gandeng-gandeng sacara jalma, tapi di barengan teh ku Qudrat-Irodatna jeung Elmuna,kapan geus di terangkeun sidik pisan dina sifat 20 oge geus di rangkep-rangkep saperti :
Hayat jeung Hayun : Hirup jeung Nu Hirup
Sama jeung Samiun : Dangu jeung Nu Ngadangu
Basar jeung Basirun : Ninggali jeung Nu Ninggali
Kalam jeung Mutakalimun : Ngucap jeung Nu Ngucap
Illa Haka Ilal Haqi Illa Haki Bila Haqo
" Hak Alloh Hakna Muhammad, Hak Muhammad Hakna Alloh"
Tah kitu pangna agama Islam di sebut Luhung teh lantaran pang parik-parik ka Alloh Ta'ala
Moal aya Alloh lamun teu aya Muhammad = Moal aya Dzat mun teu aya Sifat
Moal aya Muhammad lamun teu aya Alloh = Moal aya Sifat mun teu aya Dzat
Anu matak kanjeng Nabi Muhammad pang unggul-unggulna Rosul jeung di sebutBAWANING SAKABEH.
Jadi Agama Islam pang disebut luhur teh kusabab aya Ma'rifat ka Alloh Ta'ala,kapan bukti Kanjeng Nabi tiasa Mi'raj. Barang kadieunakeun Gusti Syarif Hidayatullah Wali kutub Cirebon Mi'rajna tepang sareng Hakekatna Kanjeng Nabi Muhammad nyaeta anu di sebut JOHAR AWAL tea, tegesna sifat nu Maha Suci, saur para wali mah SAJATINING HIRUP atawa SAJATINING SYAHADAT,nyaeta gulungan Dzat jeung Sifat nu Maha Suci.
Samangsa-mangsa tepang sareng Hakekatna NURULLOH kakra bisa di aku Umatna, jeung samangsa-mangsa geus di aku Umat Rosululloh, boh kana Majajina atawa kana Hakekatna tetep teu acan sah urang ngaku Umatna Rosululloh.
Kakara dina Rukun Syahadat oge geus di terangkeun nyaeta:
1. Kudu netepkeun heula Dzatna Alloh ta'ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Alloh ta'ala
3. Kudu netepkeun heula Asmana Alloh ta'ala
4. Kudu netepkeun heula Sidiq ka Rosululloh
Tah kitu geuning maca Syahadat teh kudu Sidiq heula ka Rosululloh, umpama acan nyaho atawa Ma'rifat kana Sifat-Sifatna, sabab bisa netepkeun teh kudu puguh heula rupana atawa barang-barangna anu di tetepkeun.
Geuning dina maca kalimah Syahadat teh lain pada nyebut bae, karena ari asal nyebut mah budak leutik oge pada bisa, nu matak wajib kudu nyaho sabab lamun teu jeung nyahona moal jadi kani'matan kaurang, kitu oge sanajan teu maca bari lalajo, datang katempatna eta bioskop.
Naha utama mana anu maca bari teu lalajo, umpama mun bari jeung teu maca, kitu dei dina Bab Agama anu ngaos jeung anu ngadangukeun kana Kitab ulah teu percaya kana ieu Jaman ulah gancang-gancang ngalain-lain kana ieu Jaman teh. Karna ieu Jaman geus akhir Fikiran, jalma oge geus teu pati harayangeun di bobodo, jalma ayeunamah dina sagala rupa hayng Yakin, inget kana babasaan kolot " Batu turun kesik naek teu kahalangan mungguhing kaweunangan pangeran mah si kolot jadi bodo-si budak jadi pinter "Jeung kudu inget mungguhing Elmu Rosululloh aya 4 perkara:
1. Elmu Syahadat
2. Elmu Torekat
3. Elmu Hakekat
4. Elmu Ma'rifat
Di jaman ayeuna mah Elmu Ma'rifat di udag-udag
Wa'bud Robbuka Hatal Yakan Yakin" Nyembah ka Alloh teh kudu Sidiq supaya Yakin, sah Syahadatna, sah Sifatna, sah Amalna, sah Asmana "
Enggoning aya di dunya sing ngarasa teu pisah na jeung Allohna jeung Rosulullohna.
Samangsa-mangsa teu ngarasa pisah jeung Alloh jeung Rosululloh beurang jeung pating, sugan piraku urng goreng tekad, goreng laku lampah seperti: syirik pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk, tangtu ngarasa isina lantaran ngarasa kacida isina, margina asa di poncongok beurang jeung peting ku pangeran.
Sagala hal moal aya anu bisa di sumput-salindungkeun deui jeung sagala hal kalakuan naon bae moal ujub ria takabur, kakara Diri teh aya kakawasaanana, Apes, Hina, Doif, aya soteh rizki pangeran sihoreng pitulung nu Maha suci nyaeta Kudrot-Irodat nu Maha suci.
Jadi ayeuna bisa oge di tetepkeun, samangsa-mangsa jalma masih keneh make kalakuan syirik pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk Alloh ta'ala. Bab dina Ma'rifat boh di lebe, boh di santri, boh di kiayi, ciri-ciri eta jalma acan dekeut ka Rosululloh sumawona jeung Alloh ta'ala, tangtu laku jeung tekad cicing dina ujub ria takabur, sok ngaku bisa ngaji aing teu dengeun, jadi nu kitu teh ngaku bisa, ngaku kodrat-irodat pangeran, ngarebut atawa mapande kakawasaan Alloh ta'ala, kapan teu gampang ngaku Islam tadah-tuduh kabatur si itu si eta kafir karena Islam, kafir anging Gusti nu uninga jeung baris netepkeunana kitu kateranganana. Ari sategeus na Islam teh suci bersih tina sagala kokotor naon anu ngajadikeun teh lain anging nafsu, komo dei nu make syirik pidik ujub ria takabur mah, sanajan nafsu kana dunya oge geus kotor bae.
Kieu kateranganana: sategeus na ari Islam teh teu 2 teu 3, estu ngan hiji-hijina, malahan kabur nu hiji teh Ghoib sategeusna.
Sifat Islam anu teu katitipan kahayang, kitu dei asma na oge teu 2 teu 3 ngan hiji-
Gening aya Dalilna kieu :
Kulu Umatin Warosullihi
" Dina sakabeh manusa pada katitipan Rosululloh hartina Rasa Alloh "
kusabab kitu panasaran wajib nganyahokeun kana Hakekatna Rosululloh anu aya dina Diri sorangan, peperiheun jarah ka Mekah henteu, ka Madinah henteu, kapan Haji oge aya 2 rupa.
1. Haji Majaji : " Anu bisa jarah ka Mekah jeung ka Madinah "
2. Haji Hakiki : " Anu geus nganyahokeun dina diri sorangan, karena Rosululloh teh teu acan pupus, umpama pupus mah Alam dunya oge maol aya, kapan kangjeung gusti Syarifhidayatulloh oge tiasa tepang ku jalan Torekat ".
Tidak ada komentar:
Posting Komentar