Selasa, 06 Oktober 2015

Menerangkan Martabat Alam 7 (Dalam Bahasa Sunda)

NERANGKEUN MARTABAT ALAM 7 (TUJUH)


Nganggo Ucapan Unggelna Kecap
  1. Alam AHDIAT                  Lapad                  AL                    )
  2. Alam WAHDAT               Lapad                  LOH                 )= = ALLOH
  3. Alam WAHDIAT              Lapad                  MU                   )
  4. Alam ARWAH                  Lapad                  HAM                )
  5. Alam JASAM                    Lapad                  MAD                )= = MUHAMMAD
  6. Alam MISAL                     Lapad                  A                      )
  7. Alam INSAN KAMIL       Lapad                   DAM                 ) = = ADAM
Bukti Alam dunya oge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta tina alam anu kasebut di luhur tegesna alam anu tujuh lalakon Alloh-Muhammad-Adam ku sabab di kanyahokeunana ku sarerea, upama urang rek nyusul kana asal, sabab lamun teu di kanyahokeun ti ayeuna jalan-jalana jeung barang-barangna atuh tangtu moal bisa balik deui ka asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalana waktu tadi urang turun-turuna ti Akherat ka Alam dunya.
Ayeuna martabat alam tujuh teh ku jisim kuring rek di terangkeun sarta make ibarat kalawan di buktikeun gambaranana supaya gampang di hartikeunana tafsirna atawa hadistna

1. Alam Ahdiat = Martabat Maha Suci
Dalilna kieu :
Dzat Laesa Kamislihi
"Dzat anu teu aya umpamana"

Dzat kumaha atuh anu matak teu meunang di umpamakeun teh?

Naha ku bakating hiji-hijina,upama bakating ku kawasana, dina jaman eta mah teu acan aya dadamelanana ngaran kawasa teh kudu bukti heula di damelna, kapan dina Alam Ahdiat mah sabab aya basa Agung teh Caangna por anu lima, upama bakating hiji-hijina da kapan teu aya anu lima, bakating ku hiji-hijina da kapan teu aya dua, jaman eta mah sabab hiji soteh sanggeus aya nu loba, kumaha atuh pihartieunana supaya eta Dzat Laesa Kamislihi jadi uni.
Kieu upama mupakat mah nu matak Alam Ahdiat di sebut ku Dalil :
Dzat Laesa Kamislihi
"Dzat anu teu aya tegesna ku bakating suci, xuci bersih teu aya sifat-sifatna acan, sumawona jenenganana mah rek di upamakeun jeung naon upama teu aya sifat-sifatna, sabab di saksian ku dalil anu Maha Suci teh"

Bila Haefin
"Teu warna teu rupa"
Bil Makanin
"Teu arah teu tempat"

Tah kitu kateranganana, anu matak anu Maha Suci teh teu beunang di upama-upamakeun, sumawona di enggon-enggon di tuduh di ditu di dieu sabab kaburuLIM kahalangan ku Bukti.

2. Alam Wahdat = Martabat Sifatna Maha Suci
Jadi Dalil dina Alam Dzat Laesa jadi Dzat sifatna caang padang nyaeta anu kasebut Johar Awal hartina Cahaya.
Awal hartina mimiti, jadi anu mimiti aya samemeh bumi jeung langit sarawuh eusina, sumawona manusa nyaeta Johar Awal heula anu di sebut Hakekatna Muhammad tea.
Dina Hadist Muhammad teh pang awal-awalna, sabab Johar Awal teh NUR atawaSajatining Syahadat karana Gulungan Dzat jeung sifat atawa Alloh-Muhammad dina Hakekatna.

3. Alam Wahdiat = Martabat Asmana Maha Suci
Kajadian tina Johar Awal Alam Wahdiat tadi, bijil deui sowaraana jadi cahaya 4 (opat) perkara.

  • Nurun                cahaya              Beureum
  • Warun               cahaya              Koneng
  • Maun                 cahaya              Bodas
  • Turobun             cahaya              Hideung

Jadi caya 4 (opat) perkara teh di sebut Nur Muhammad tea, Muhammad na mah Johar Awal barang eta Nur Muhammad cahaya anu 4 (opat) perkara teh di sebut Hakekatna Adam nyaeta Asmana nu Maha Suci.

  • Johar Awal                        hakekatna                Lapad Tasjid
  • Cahaya Beureum               hakekatna               Lapad Alip
  • Cahaya Koneng                 hakekatna               Lapad Lam Awal
  • Cahaya Bodas                   hakekatna               Lapad Lam Akhir
  • Cahaya Hideung                hakekatna               Lapad He
Sareatna jadi lapad ALLOH, jadi eta Cahaya anu ka sebut nu ngajadikeun bibit 7 (tujuh) lapis Bumi, bibit 7 (tujuh) lapis Langit sarawuh eusina kabeh.
Agama oge asalana ti dinya bae.

  • Ayana Syahadat                        nyaeta ayana Johar Awal
  • Ayana Sholat                            nyaeta ayana cahaya Beureum
  • Ayana Zakat                              nyaeta ayana cahaya Koneng
  • Ayana Puasa                             nyaeya ayana cahaya Bodas
  • Ayana Munggah Haji                 nyaeta ayana cahaya Hideung
Sanajan waktu sholat aya 5 (lima)

  • Waktu Subuh                             bagean Nabi Adam
  • Waktu Lohor                             bagean Nabi Ibrohim
  • Waktu Ashar                             bagean Nabi Nuh
  • Waktu Magrib                            bagean Nabi Isa
  • Waktu Isa                                  bagean Nabi Musa
Pertingkah sholat aya 5 (lima)

  • Nangtung
  • Takbir Ratul Ihrom
  • Ruku 
  • Sujud
  • Lungguh
Sahabat aya 4 (opat) ka 5 (lima) na Nabi Muhammad

  • Sahabat Abu Bakar
  • Sahabat Umar
  • Sahabat Utsman
  • Sahabat Ali
  • Nabi Muhammad
Di Mekah aya 4 (opat) Imam ka 5 (lima) na Baetulloh

  • Imam Syafei
  • Imam Hambali
  • Imam Hanafi
  • Imam Maliki
  • Baetulloh
Tah kitu gening sidik kabeh tina Asmana Alloh Hakekatna nya Nur Muhammad cahaya opat perkara ka lima Johar Awal.

4.   Alam Arwah = Martabat Af'al Maha Suci
Nyaeta Af'alna Alloh Ta'ala ngajadikeun ieu Alam Dunya, ceuk elmu Alloh mah ngadamel teh ibarat Bioskop, Alam Wahdiat nyaeta Johar Awal teh ibarat Lisrtikna, ari Nur Muhammad teh Alam Wahdiat ibarat kaca.


  • Nurun              ibarat kaca Beureum
  • Hawun             ibarat kaca Koneng 
  • Maun               ibarat kaca Bodas
  • Turobun           ibarat kaca Hideung


Barang kaca anu 4 (opat) perkara di rarat ku Johar Awal bijil kalangkang :


  • Tina kaca Beureum                         jadi Seuneu alam dunya
  • Tina kaca Koneng                           jadi Angin alam dunya
  • Tina kaca Bodas                             jadi Cai alam dunya
  • Tina kaca Hideung                          jadi Bumi alam dunya


Ku kawasana Alloh Ta'ala bleg bae jadi ieu Alam dunya nyaeta Jagat Kabir, jadi sategesna Dunya teh kajadian tina Nur Muhammad.

5. Alam Jasam = Martabat Manusa
Sanggeus ngadegna ieu alam dunya Gusti nu Maha Suci neraskeun midamel Adam Majaji, terus miwarang Malaikat turun ka alam dunya kudu nyokot aci-acina anu 4 (opat) rupa, terus dia damel :

  • Acina Seuneu                ngajadi Getih Adam
  • Acina Angin                   ngajadi Sumsum Adam
  • Acina Cai                       ngajadi Urat Balung Adam
  • Acina Bumi                    ngajadi Kulit bulu Adam
.Ku kawasan Alloh Ta'ala bersih jadi Dalil Muhammad : MIM - HE - MIM - DALnyaeta :

  • Cahaya Johar Awal         hakekatna            Huruf lapad Tasjid
  • Cahaya Beureum             hakekatna            Huruf lapad Mim Awal
  • Cahaya Koneng              hakekatna             Huruf lapad He
  • Cahaya Bodas                 hakekatna            Huruf lapad Mim Akhir
  • Cahaya Hideung              hakekatna            Huruf lapad Dal
Sareatna jadi lapad Muhammad atawa sabalikna tina lapad Alloh.
Sategesna Hakekat lapad Muhammad teh :

  • Mim Awal                Tegesna Sirah
  • He                           Tegesna Dada
  • Mim Akhir               Tegesna Udel
  • Dal                          Tegesna Suku
Tapi ateu acan bisa usik malik, ngagoler saperti wayang terus di liangan, di panonan, di ceulian, di pangambungan, di bahaman terus eta liang di asupan kuSyareatna Nur Muhammad, kajadianana bisa usik malik eta Adam atawa jagat teh jadi sidik pisan ayeuna hirupna manusa teh Sareatna ku ayana Cahaya, kitu deui pang maotan Manusa teh teu ayana Cahaya.
Samangsa-mangsa geus teu aya cahaya si jagat atawa jagat kabir (dunya) pangkuatna teh di Anglipuh ku sorotna Nur Muhammad.
Jadi moal salah deui engke oge dina Kiamat ieu jagat kabir saperti manusa (jagat sogir) di candak deui cahaya, panon poe, bulan, bentang, tangtu bae ieu alam dunya ruksak, atuh tina Bumi tinggal poekna, Seuneu tinggal panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana...... Saha nu bakal nyicingan eta Naraka?
Teu aya deuin nu bakal nycingan teh nyaeta Idajil La'natulloh tea sakanca-kanca, sakur nyawana anu teu bisa balik deui ka Alloh Ta'ala, sabab tadi di dinya beunang di goda ku syetan lantaran teu Iman ka Alloh Ta'ala ka Rosululloh. Karana Idajil La'natulloh teh tadina mah Malaikat kakasih Alloh pangna di bendon ku Alloh teh lantaran samemeh aya Adam di piwaraang ngeusian Alam Dunya.
Tapi di janjian lilana di alam dunya ngan 1000 taun, ku sabab kitu malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya teu hayang balik deui ka Sawarga nepi ka 3000 taun, tah tidinya mimiti di bendona ku Alloh Ta'ala jaadi geus teu meunang balik deui ka Sawarga kudu tetep di alam dunya bae, ta[pi engke bakal di tetepkeun di dasar Naraka sanggeus kiamat ieu alam dunya bedegongna Idajil sanggup bae, tapi nyuhunkeun widi rek ngagoda ka anak putu Adam pikeun pibatureun manehna di Naraka tea.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar